Presentasi sedang didownload. Silahkan tunggu

Presentasi sedang didownload. Silahkan tunggu

KECAP SEREPAN (Sumber: INDONESIA JAWA ARAB WALANDA SANSAKERTA KAWI

Presentasi serupa


Presentasi berjudul: "KECAP SEREPAN (Sumber: INDONESIA JAWA ARAB WALANDA SANSAKERTA KAWI"— Transcript presentasi:

1 KECAP SEREPAN (Sumber: INDONESIA JAWA ARAB WALANDA SANSAKERTA KAWI PORTUGIS PRANCIS CINA INGGRIS MENU

2

3 Umumna urang Sunda téh nggunakeun dua basa (dwibahasawan) dina hirup kumbuh sapopoéna, nyaéta basa Sunda jeung basa Indonesia. Munasabah upama loba kecap-kecap basa Idonesia anu asup kana basa Sunda. Kecap-kecap anu diserep sagemblengna, biasana mangrupa istilah anu euweuh sasaruanana dina basa Sunda. Kecap-kecap basa Sunda nu mangrupa serepan tina basa Indonesia, diantarana: arus, obat bius, jabatan, jatah, mandiri, rumah sakit, ganjil, perkebunan, perairan, tabungan, persatuan, canggih, pertandingan, penjaga sakola, penyair, percitakan, taun baru, cabang, banjir, liburan, manis, rumah makan, mérah jambu, serah terima, perikanan, nada, ruang tunggu, limbah, perumahan, pembantu, siaran (radio), nyuci (poto), penerbit, jst. MENU

4 Tatar Sunda kungsi diéréh ku Karajaan Mataram (Islam) kira-kira abad ka-17. Munasabah upama pangaruh basa Jawa téh asup kana basa Sunda. Kecap-kecap basa Sunda nu mangrupa serepan tina basa Jawa, diantarana: kocak, luruh, natus, pamong, pungkas, sima, céték, gabah, pirimis, kangen, lemah, mangkat, pancén, saking, jst. MENU

5 Asupna pangaruh basa Arab kana basa Sunda marng jeung asup sarta mekarna agama Islam di Tatar Sunda. Komo deui umumna urang Sunda ngagem agama Islam. Conto serepan tina basa Arab, di antarana: ahir, akal, batal, gaib, hadiah, hajat, halal, hasil, iblis, kiblat, lahir, mahluk, ajaib, badan, darurat, hidayah, hakim, haram, hilap, ibadah, idin, jubah, kamus, kitab, lisan, makam, maksud, mupakat, pasal, rijki, salat, sukur, malarat, pikir, rahim, saréat, saum, tawakup, jst. MENU

6 Sanajana Walanda geus asup ka urang ti awal abad ka-17, tapi meuwuhna pangaruh basa Walanda kana basa Sunda mah dina awal abad ka-20. Éta pangaruh asup sabada loba bangsa urang anu sakola. Conto serepan tina basa Walanda, diantarana: akte, aspal, baki, ban, baud, bohlam, bulao, anduk, bak, balok, bangku, baskom, béngkél, buku, buncis,dasi, dongkrak, émbér, gelas, hélem, kasur, kenék, laci, montir, pas, panik, setir, selang, setrum, dines, duit, elap, elat, erok, got, istal, kelas, kompor, lédeng, modél, peunteun, bor, sekrup, setrip, treuk, jst. MENU

7 Dina basa Sunda mah tina basa Sangsekerta téh kawilang loba
Dina basa Sunda mah tina basa Sangsekerta téh kawilang loba. Bisa jadi lantaran dina hiji mangsa basa Sangsekerta kungsi jadi basa resmi sawatara karajaan di Tatar Sunda, saperti nu katembong dina prasasti-prasasti. Conto serepan tina basa Sangsekerta, di antarana: agama, angka, asmara, banda, ganda, garuda, guha, jaksa, jiwa, mangsa, méga, murka, naraka, nyata, paripurna, pidana, saksi, upacara, usaha, wacana, aksara, angkasa, budaya, cahaya, gapura, jagat, kuta, mastaka, mitra, nagara, nila, pahala, perkara, sukma, tresna, utama, jasa, jst. MENU

8 Dumasar kana Kamus Umum Basa Sunda wedalan LBSS (1981), kecap serepan tina basa Kawi téh, di antarana: angkara, déwangga, doraka, hiang, layu, ménak, sarana, wibawa, daya, hingga, lalu, maya, sekar, wisma, jst. MENU

9 Serepan tina Basa Portugis, diantara: baju, dadu, garpuh, karéta, korsi, méja, bako, bonéka, jandéla, mantéga, pésta, péstol, roda, sapatu, rénda, ronda, onar, jst. MENU

10 Serepan tina Basa Perancis, di antarana: akur, komisi, losmén, medali, supir, karantina, kliseu, kongkur, perangko, sabun, kado, jst. MENU

11 Serepan tina Basa Cina, di antarana: angpaw, cap, cét, emih, kecap, kuéh, loténg, tauco, bapaw, capcay, cingcaw, ginséng, lihay, pécay, moci, siomay, tahu, jst. MENU

12 Serepan tina Basa Inggris, di antarana: bodi, hen, pinalti, serial, pérs, komputer, spiker, mik-ap, fotokopi, tip, terminal, diskét, bodigar, televisi, robot, jst. MENU


Download ppt "KECAP SEREPAN (Sumber: INDONESIA JAWA ARAB WALANDA SANSAKERTA KAWI"

Presentasi serupa


Iklan oleh Google